HeadlineSumedang

Nyukcruk Galur Mapay Raratan Karuhun Sunda

Tatang Sobana

TRIMEKAR – Ti mana jeung ti iraha mimitina aya nu disebut bangsa (urang) Sunda? Naha karuhun sekeseler Sunda teh pituin anu geus aya ti jaman kuna keneh atawa asalna mah ti bangsa deungeun.

Pikeun nyukcruk galurna karuhun jeung mapay raratan sahiji bangsa teh, perelu ngungkab heula sajarah kabudayaan anu aya rambat kamalena jeung sababaraha rupa elmu pangaweruh kayaning paleontologi, (elmu fosil), geologi, arkeologi, antropologi, linguistik jeung filologi (elmu ngeunaan basa anu aya patalina jeung budaya).

Dumasar kana pamanggih para ahli anu hasil panalungtikan, netelakeun yen padataran Bandung baheulana mangrupa dano (talaga) anu katelah Talaga Bandung.

Ngeunaan sasakala jeung asal muasal Talaga Bandung, aya anu dumasar kana dongeng sasakala Sangkuriang, tapi oge dumasar kana elmu pangaweruh nu disebut di awal tulisan ieu.

Dina ieu pedaran moal ngaguar sasakala Sangkuriang, tapi urang ngaguar asal muasal karuhun Sunda dumasar kana elmu pangaweruh (ilmu pengetahuan) ti pirang- pirang ahli.

Ceuk para ahli tina hasil panalungtikanana nyebutkeun, padataran Bandung baheulana hiji talaga.

Nurutkeun sarjana geologi Van Bemnelen, anu ngayakeun panalungtikan dina taun 1934,yen mimitina aya talaga Bandung alatan kabendungna walungan Citarum ku leutak panas (lahar) anu dibitukeun ku Gunung Tangkuban Parahu.

Walungan Citarum caah lebleban. Caina naek nepi ka tempat – tempat anu luhurna 725 metet tina beungeut cai laut, nepikeun ka ngawujud hiji talaga anu pohara gedena.

Panjangna eta talaga ti wetan ka kulon kurang leuwih 60 km tur rubakna ti kaler ka kidul kurang leuwih 15 km. Tempat – tempat anu laluhur jadi tempat _ tempat padataran di sisi talaga.

Tah eta padaran teh jadi tempat padumukan jalma – jalma jaman harita.

Bukti yen di eta tempat – tempat geus aya padumuk anu caricing matuh di basisir talaga, nyaeta kapanggihna paparabotan anu asalna tina batu – batu gunung api,anu mangrupa lumur (gelas) kaca, bador (seuseukeut panah), kampak, jeung sajabana.

Ari batu kaca teh ayana di wewengkon Nagreg, terus diarakutan ka padataran Bandung. Tempat mratuhna jalma harita.

Gelas-gelas kaca anu kapanggih sarupaning batu nu disebut obsedian.

Gunana sok dipake nyampurkeun taneuh porang sangkan taneuh porang teh jadi teuas pikeun nyieun barang-barang garabah sabangsa pariuk. Sesemplekan batuna dijieun seuseukeut panah.

Ku ayana paparabotan pasesaan jaman baheula, anu kapanggih ku para ahli ngandung harti jeung bukti, yen jaman harita geus aya jelema – jelema anu maratuh di basisir Talaga Babdung. Moal boa eta teh Karuhun Sunda anu pangmimitina nyicingan Jawa Kulon (Jawa Barat).

Naha eta jelema – jelema anu geus aya di dinya jaman harita, jalma pituin nu aya di dinya ti memehna atawa nu datang ti bangsa sejen? (Hanca). ***

Foto | Ilustrasi

Tags

Related Articles

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

Close