Ceuk Bupati Sumedang : Aya 4 Ukuran Sukses Kajuaraan Dunia Paralayang

SUMEDANG, TRIMEKAR – Bupati Sumedang, Dony Ahmad Munir nyebutkeun, aya opat hal atawa perkara anu bisa dinadikeun patokan suksesna kagiatan West Java Paragliding World Championship and Culture Festival, anu baris lumangsung ti tanggal 22-28 Oktober 2019.

Opat hal anu kudu sukses teh nyaeta sukses pelaksanaan, sukses ekonomi, sukses pariwisata jeung olah raga, oge sukses administrasi.

Kitu di antara nu dipedar ku bupati dina rapat evaluasi pamungkas dina nyanghareupan prungna event WJPWCF nu lumangsung di Gedong Niagara Sumedang, Minggu (20/10).

Dina eta pagempungan bupati meredih ka kumna rengrengan panitia sangkan kabeh seksi nyiapkeun jeung ngalaksankeun kagiatan kudu pol alias maksimal.

Aya sababara hal anu ditekenkeun pisan dina eta rapat nyaeta soal kasehatan, kasalametan para atlet jeung kaamanan.

Kaasup soal kaberesihan wewengkon venue kudu meunang perhatian.

“Sim kuring kamari ngalongok ka Toga. Kaayaan di Toga masih bala jeung kotor”, ceuk Bupati.

Ku saban kitu, meungpeung aya keneh waktu kudu buru buru diungkulan.

Pon kitu deui di venue ulah nepi keun ka kajadian caina saat.

Rapat evaluasi nu lumangsung ti isuk-isuk nepi ka asar teh diungkulan ku sekda, sababaraha kadis, camat oge kumna rengrengan panitia.

Nurutkeun rencana poe Senen (21/10) isuk baris dilaksanakeun gladi beresih diteruskeun ku gelar pasukan nu dipingpin langsung ku bupati.

Gladi beresih dilaksanakeun di sabudeureun gedong nagara ti mimiti tabuh dua sore. (TS/FORKOWAS)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *