Atlet Paralayang Warga Cekoslowakia, Ngarasa Aman Jeung Tengtrem Aya di Sumedang

SUMEDANG, TRIMEKARFM.COM – Saurang atlet Paralayang urang nagara Cekoslowakia, Giv, ngarasakeun aya hal nu beda ti nu biasa biasa dina kajuaraan paralayang di Sumedang.

Manehna kacida pisan ngarasakeun ramena dina mangsa ngabuka acara sabaraha poe kaliwat.

“Kuring asa betah di Sumedang. Padumukna someah pisan, sopan tur karasa nyobat”, ceuk Giv basa ngobrol jeung wartawan TRIMEKARFM, poe kemis (24/10) nu kakara kaliwat.

Manehna nyebutkeun oge deuih, kaayaan (Venue-red) Batuadua jeung Toga beunang disebutkeun geus nyumponanan pasaratan. Ngan perkara angin, aya kalana tarik karasana.

“Angin gede aya kalana bisa ngajadikeun atlet hese turun”, pokna bari terus mere bongbolongan sangkan tempat start dibebenah sangkan genah jeung disaluyukeun kamana niupna angin.

Tapi sanajan kitu, ceuk Giv, mun ditilik sacara umum mah, anu patali jeung pasilitas oge kaamanan geus hade.

Manehna oge ngaharepkeun aya a website paralayang di Batudua jeung Toga, malahmandar atlet Paralayang sakuliahdunya nyaho ayana tempat paralayang di Sumedang. (ts/forkowas)***

Exit mobile version