Pasantren Al-Hikamussalafiyah Sukamantri Tanjungkerta Kahuruan

SUMEDANG, TRIMEKAR – Pasantren Al-Hikamussalafiyah Sukamantri, Kacamatan Tanjungkerta, Sumedang, tabuh 08.30 poe Senen isuk-isuk (14/10) kahuruan.

Tilu kobong santri di eta pasantren ludes pisan kaduruk.

Ceuk sawangan, mimiti kajadian kahuruan alatan korsleting listrik.

Saterusna seuneu anu ngaburisat tina kabel nu konslet teh langsung ngagedean ngaduruk tilu kobong santri nepi ka ludesna.

Teu kacatet korban jiwa ngan eta kajadian ngabalukarkeun karugian mun dibahruteng ratusan juta rupia.

Pingpinan Pondok Pasantren Al-Hikamussalafiyah, Kiai H. Sa’dulloh ngeceskeun, mimiti kajadianana eta kahuruan teh alatan listrik pareum di hiji rohangan kamar santri anu keur sare.

Basa hurung deui lampu bohlamna ujug – ujug peupeus. Terus dituturkeun aya seuneu hurung jeung langsung lain wae terus ngagedean seuneu teh tapi oge murag ninggang kana luhur kasur santri.

Ti dinya seuneu ngalentab kamamana, ngaduruk barang – barang nu aya di dinya.

Taya pisan barang nu kapuluk, kabeh beak kabeuleum kayaning kitab-kitab, pakean santri, buku – buku oge duit.

Wangunan kobong nu kaduruk teh aya tilu rohangan nu legana 7 x 8 m nu sok dipake mondok ku 100an santri.

Waktu kajadian di hiji kobong aya dua santri nu jeur sare lantaran Gering. Untungna teh kanyahoan ku babaturanana.

“Alhamdulillah salamet. Teu Aya korban,” ceuk Kiai H. Sa’dulloh.

Bupati Sumedang, Dony Ahmad Munir, basa meunang beja kajadian kahuruan di eta pasantren, langsung ngadongdon dibarengan ku ti Dinsos P3A, BPBD, Satpol PP jeung Tagana.

Dina eta kasempetan bupati lian ti ngucapkeun bela sungkawa oge langsung mere bantuan.

Malah nyebutkeun Pemda sagancangna rek mere bantuan deui pikeun ngarehab wangunan nu kaduruk jeung ngayakeun kagiatan trauma healing pikeun barudak santri, sangkan teu terus ginggiapeun balukar eta kajadian. (TS/FORKOWAS)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *