Rebuan Pamilon Milu AL Ma’soem Islamic Fair 2

JATINANGOR, TRIMEKAR – Rebuan pamilon ti 75 Sakola Dasar (SD) jeung 83 sakola sejenna di Jawa Barat milu Event AL Ma’soem Islamic Fair (ALIF 2).

Kagiatan nu dipiluan ku 1.236 urang teh dilaksanakeun di Yayasan AL Ma’soem Bandung jeung Psantren Siswa AL Masoem jeung di Kampus AL Ma’soem jalan Raya Cipacing, Kacamatan Jatinangor, Saptu 12 Oktober 2019.

Eta kagiatan lumangsung dua poe nepi ka Minggu 13 Oktober 2019.
Acara dibuka di Dome AL Ma’soem nu diluuhan ku pangurus katut rengrengan Yayasan AL Ma’soem.

Pamilon eta kegiatan ti Kabupaten Sumedang, Kabupaten Bandung, Cimahi, Tasikmalaya, Ciamis, Garut, Sukabumi, Cianjur, Indramayu, Purwakarta, Bekasi, Bogor jeung Jakarta.

Jasaksen, ALIF 2/2019 dibuka kalawan direuahreuah ku pintonan seni penca silat Silaturahmi Merah Putih Ma’soem.

Puguh we atuh eta pintonan kacida dibageakeun ku earna keprok nu hadir.

Dina Kagiatan ALIF 2 ieu dieusi ku rupa rupa lomba kayaning imtaq, imtek, seni jeung olahraga. Kaasup musabaqoh tilawatil qur’an, musabaqoh hifzhil qur’an, lomba dawah, rangking 1 Islam, lomba kaligrafi, lomba marawis lomba manah, penca silat jeung bazaar.

“Dina prak ngalaksanakeun ALIF 2 ieu teh, ngalibetkeun murid SD/MI, SMP/MTS jeung pasantren nu sumedar di Tatar Jawa Barat”, ceuk Pupuhu Calagara ALIP 2, Rafi Jamal. (TS/forkowas)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *