Bupati Sumedang Nyebutkeun, “Ngungkulan Pungli Perelu Babarengan”

SUMEDANG, TRIMEKAR – Bupati Sumedang, Dony Ahmad Munir, mepelingan ka oknum – oknum nu sok ngalakukeun pungli (pungutan liar) kudu buru-buru ngeureunan kalakuan kitu.

Pungli ceuk bupati, pasualan nu geus parna, anu kudu diungkulan babarengan pikeun ngarengsekeunana.

“Piraku rek kitu wae. Eureunan pungli boh nu patali jeung panarimaan tenaga kerja atawa dina urusan sejenna,” kitu di antarana nu dikedalkeun ku bupati, dina acara “Coffee Morning” anu lumangsung di Pendopo Induk Pusat Pemerintah an (IPP) Kabupaten Sumedang, Juma’ah (29/11/2019).

Bupati pangna mepelingan kitu, sabada narima bangbaluh dina eta paguneman anu ditepikeun ku wawakil pengusaha industri di wewengkon Cimanggung jeung Jatinangor, yen di eta wewengkon industri teh masih mahabu keneh praktek pungli.

Utamana dina perkara panarimaan pagawe. Hadir dina eta acara maneuh nu dilaksanakeun ku Bagian Humas dan Protokol(Humpro) Pemda Sumedang teh Waka Polres Sumedang Kompol Erwan Syah, Kasdim 0610 Sumedang, May. Inf. Anang Pramudiyanto, para pengusaha industri, para aparatur Pemkab Sumedang, camat jeung para kepala desa di wewengkon usaha industri Jatinangor jeung Cimanggung.

Dina eta kasempetan, bupati meredih ka aparaturna sangkan merhatikeun jeung terus ngaronjatkeun pelayanan nu hade ka para pengusaha nu gerak dina widang ekspor.

Sabab ku lobana investasi usaha dina widang ekspor baris bisa ngaronjatkeun tumuwuhna ekonomi (pertumbuhan ekonomi).

Sedengkeun ti pihak pengusaha ngusulkeun acara pagempungan Pemkab Sumedang jeung para pengusaha sangkan dilaksanakeun unggal bulan, tur husus nyawalakeun pasualan dunya usaha. (ts/forkowas).

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *