Sarasehan Budaya di Ujungjaya : Ngungkulan Karempan Tradisi Kagerus Industri

UJUNGJAYA, TRIMEKAR –Ditetepkeunana Ujungjaya jadi wewengkon (Kawasan) Industri, ngahudang kahariwang jeung karempan kalumangsungan nasib budaya lokal di eta daerah.

Sedengkeun Ujungjaya teh kaasup wewengkon anu mibanda kabeungharan budaya warisan karuhun Sunda anu mibanda ajen inajen luhung.

“Perkara ieu perlu pisan diungkulan tur disanghareupan ku tarekah sangkan ku dijadikeunana Ujungjaya mangrupa kawasan Industri, teu ngabalukarkeun tumpurna adat tradisi jeung budaya lokal di Ujungjaya,” kitu ceuk Ketua Angkatan Muda Siliwangi (AMS) Distrik Kabupaten Sumedang, Ruly Krisna Prayoga dina biantara panganteur Sarasehan Budaya Lokal Ditengah Pembangunanab dan Pengembangan Ujungjaya Menjadi Kawasan Industri, nu lumangsung di pendopo Kacamatan Ujungjaya, Salasa (19/11) kamari.

Ku sabab kitu, AMS Distrik Sumedang dina raraga milangkala nu ka-53 boga karep nu gilig pikeun ngawal pangwangunan Kawasan Industri di Ujungjaya, sangkan teu ngabalukarkeun ruksakna budaya lokal anu aya di ieu wewengkon.

“Ulah nepi keun ka jati kasilih ku junti”, ceuk Ruly ngeceskeun.

Bupati Sumedang, Dony Ahmad Munir, dina biantarana kacida ngabageakeun pisan kagiatan nu dilaksanakeun ku AMS Sumedang, ku mangrupa kagiatan nubtematik, aktual jeung konstektual.

Lian ti kitu bupati miharep sangkan ajenn inajen budaya lokal biisa jadi hiji kajuaraan geusan numuwuhkeun etos kerja nu hade.

Kagiatan nu dipiluan ku 150 pamilon ti rayon AMS, masyarakat adat jeung ondangan sejenna ngahadirkeun panyatur bupati Sumedang, budaya Wan Jawa Barat Kang Acil Bimbo jeung Tim Asistensi Pansus Raperda SPBS. (ts/forkowas)***

Exit mobile version