Balap Kuda di Desa Raharja Tanjungsari, Lumangsung Dua Poe

SUMEDANG, TRIMEKAR – Kajuaraan olahraga balap kuda marebutkeun piala Gupernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, lumangsung dua poe, Saptu (7/12) jeung Minggu (8/12-2019).

Nyuplik warta KAPOL anu oge mangrupa mitra TRIMEKAR, eta kagiatan anu dilaksanakeun di lapang balap kuda Dusun Cikandangkeusal, Desa Raharja, Kacamatan Tanjungsari kacida loba nu lalajona.

Lian ti mawa barokah ekonomi pikeun masyarakat, oge eta wewengkon bakal jadi kasohor.

Lapang balap kuda anu legana 21 hektar teh, najan can rengse pangwangunana, tapi geus bisa digunakeun kagiatan lomba jeung ngabina atlet olahraga balap kuda.

Anggota Komisi III DPRD Kabupaten Sumedang anu oge politisi Partai Demokrat, Dede Mulyadi nyebutkeun, ku ayana lapang olahraga balap kuda ieu, diharepkeun bisa ngangkat potensi olahraga kuda di Indonesia. (ts)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *