Bupati Sumedang Ngabageakeun Satgas Pamtas Yonif Raider 301/Prabu Kiansantang, Nu Mulang Tugas Ti Wates Indonesia – Malaysia

SUMEDANG, TRIMEKAR – Bupati Sumedang, H. Dony Ahmad Munir, poe Salasa (11/12) jadi inspektur upacara di lapangan Siliwangi, Yonif Raider 301/Prabu Kiansantang,dina raraga mapag tur ngabageakeun ka 450 prajuri Satgas Pamtas Yonif Raider 301/PKS, anu kakara mulang sabada mancen tugas “Pengamanan Perbatasan Republik Indonesia – Malaysia TAHUN 2019”.

Kasaksen nu ngaluuhan eta acara di antarana wawakil ti Kodam III/Siliwangi, wawakil ti Korem 062 Tarumanagara, wawakil ti Pengadilan Negeri Sumedang, Ketua Pengadilan Agama, Danyon Raider 301/PKS,wawakil Dan Subdenpom, katut 450 anggota Yonif 301/PKS.

Bupati Sumedang, kalawan as mana pribadi oge Pamarentah Kabupaten Sumedang, ngabageakeun tur ngawilujengkeun ka 450 prajurit Yonif Raider 301/PKS anu rengse mancen tugas operas, ngamankeun wilayah (wewengkon) Kalimantan Barat anu wawatesan jeung Malaysia.

Ngalaksanakeun pancen anu lilana 9 bulan kalawan pinuh ku rasa tanggungjawab anu dpercayakeun ku Pingpinanan TNI, ku bangsa katut nagara, mangrupa tugas anu mulya pisan.

“Ditugaskeun ka daerah operas, kanggo prajurit mah, mangrupa wujud nyata babakti ka bangsa katut nagara. Ku margi, kanggo prajurit mah, eta tugas teh ayana diluhureun tugas tugas sejenna, dina raraga tetep ajegna kadaulatan NKRI”, ceuk Bupati masih dina biantarana.

Ngabakti ka lemah cai dina raraga tugas ngamankeun wawatesan Republik Indonesia jeung Malaysia dina jero 9 bulan, kaasup pangalaman anu kawilang luhur ajenna, pibekeleun oge pang dorong sumanget dina ngabina tur ngaronjatkeun kamampuhan kumna prajurit Yonif Raider 301/PKS dina ngalaksanakeun tugas-tugas Saterusna. (ts)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *