Dileler Pangajen ku Bupati, MTB Sumedang Pangsuhudna Dina Ngama’murkeun Masjid

SUMEDANG, TRIMEKAR – Majlis Ta’lim Bersatu (BMT) Sumedang dileler Pangajen ku Bupati Sumedang, H. Dony Ahmad Munir, ST, MM, minangka majlis anu pangsuhudna dina ngama’murkeun (Lembaga Tergiat Pemakmur Masjid Agung) taun 2019.

Lian ti dileler ku bupati, MTB Masjid Agung oge meunang pangajen ti Panitia Festival Masjid Agung Ka-6 taun 2019.

“Pangajen langsung dipasihkeun ku Pa Bupati H. Dony Ahmad Munir, anu oge mantena salaku Ketua DKM Masjid Agung Sumedang ka koordinator MTB, H. M. Endang Hasanuddin dina mangsa acara ” Shalat Subuh Berjama’ah Keliling Gabungan” para ulama, umaro, sipil, TNI, Polri katut ummat dina poe Juma’ah subuh (13/12)
panceg tanggal 16 Rabiul Ahir 1441 H kamari di Masjid Agung Sumedang”, ceuk Sekretaris MTB, Azis Abdullah ngeceskeun ka TRIMEKAR.

Kaksaksen ngaluuhan eta acara Abuya K H. M. Muhyuddin Abdul Qodir Al-Manafi, MA, Wakil Bupati, H. Erwan Setiawan, SE, Dandim 0610 Sumedang, Ketkol Arh. Novianto Firmansyah, SE, M. Tr (Han), Sekretaris Daerah Sumedang, Herman Suryatman, M. Si, Kepala Kementerian Agama Kab. Sumedang, K. H. Hasen, S. Ag, M. Si, para kapala dinas, para camat katut para kapala KUA sa-Kabupaten Sumedang.

“Abuya dina ieu acara sajabi rawuh, oge masihan tausiyah”, Azis nandeskeun.

Ku dilelerna pangajen, diharepkeun bisa jadi pangrojong sumanget (motivasi) pikeun keluarga Besar MTB Sumedang, utamana sangkan leuwih sumanget tur salawasna istiqomah mangrupa hiji majlis (Lembaga) anu bisa ngahijikeun bangsa dina raraga ningkatkeun kaimanan oge kaamanan bangsa luyu jeung visi MTB. (ts)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *