Pemkab Sumedang Taki-Taki Nyanghareupan Rupa Rupa Kamungkinan Dina Mapag Nataru

SUMEDANG, TRIMEKAR – Pamarentah Kabupaten Sumedang, ti kiwari geus taki – taki nyanghareupan rupa-rupa kamungkinan anu teu dipiharep dina mapag natal jeung taun baru.

Ti mimiti nyiapkeun jeung nyadiakeun bahan poko bubutuh masyarakat nepi keun ka nyiptakeun sangkan kaayaan kaamanan jeung katartiban karasa ayem tengtrem.

Kitu diantarana anu ditepikeun ku Sekretaris Daerah Kabupaten Sumedang, Herman Suryatman, dina acara jumpa pers di kantor sekretariat Media CenterPemkab Sumedang, nu lumangsung Rebo pasosore 18 Desember 2019.

“Sim kuring gaduh kayakinanan, insyaallah pikeun bahan poko anu dibutuhkeun ku masyarakat dina mayunan natal sareng taun baru teh aman,” ceuk sekda nandeskeun.
Malah mah, hahargaan bahan poko bisa disebutkeun masih normal taya kajadian hahargaan nerekel pisan.

Lian ti ngajaga sangkan bahan poko pangabutuh masyarakat kacumponan, oge Pamarentah Kabupaten Sumedang babarengan jeung TNI, Polri oge instansi anu aya patalina jeung kaamanan tur katartiban, tetep waspada nyanghareupan rupa rupa kamungkinan anu ngancam kaayaan Kamtibnas dina raraga nyanghareupan natal jeung taun baru. (ts/forkowas)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *