Polres Sumedang Ngareuah-reuah Milangkala Ka- 69 Polairud

TRIMEKAR – Polres Sumedang dina raraga Ngareuah-reuah milangkala ka-69 Polairud ngayakeun lomba parahu dayung nu mangrupa “Perahu Dayung Open Tournament” sa- Jawa Barat.

Kagiatan nu dilaksanakeun di wewengkon obyek wisata Jatigede, Desa Pakualam, Kacamatan Darmaraja, Minggu (1/12/2019),dipiluan ku 48 regu anu dibagi jadi 8 “hit”.

Kapolres Sumedang, AKBP Hartoyo, nyebutkeun ieu kagiatan mangrupa runtuyan Milangkala ka-69 Polairud di tingkat Polres Sumedang, anu diancer-ancer rengse sapoe. (ts/forkowas)***

Exit mobile version