Tb. Hasanuddin : Koppasum Diancokeun Pikeun Ngangkat Potensi Kacamatan Sukasari

SUMEDANG, TRIMEKAR – Ketua Umum PB Paguyuban Pasundan, Prof. Dr. H. M. Didi Turmudzi, M. Si, ngaresmikeun ngadegna Koperasi Paguyuban Pasundan Sumedang (Koppasum), poe Saptu 7 Desember 2019 di Desa/Kacamatan Sukasari.

Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan, Tb. Hasanuddin nyebutkeun, teu nyalahan ieu Koperasi diadegkeun di wewengkon Kacamatan Sukasari.

Sabab, loba potensi di ieu daerah nu baris kaangkat ku ayana ieu kacamatan saamparan jeung jalan Tol.

“Ngan ku lantaran ukur kaliwatan, nya warga masyarakatna kudu motekar dina perkara nyiar kipayah,” ceuk Tb. Hasanuddin.

Di ieu wewengkon teh geus rea potensi nu geus meunang molah, di antarana wae kopi Manglayang nu geus kasohor. Kari molesna sing hade.

“Sim kuring saparakanca, boga karep hayang ngangkat potensi nu aya di Sukasari. Kari pangurus koperasina we siap,” Tb. Hasanuddin nandeskeun.

Kahareupna, pikeun pangurus koperasi baris diayakeun latihan – latihan jeung bimtek.

Malah karang taruna oge baris sina meta. Ku kituna kudu tatan tatan ti kiwari keneh.

Acara ngaresmikeun Koppasum diluuhan ku Sekretaris Menteri UMKM, Prof. Dr. Ruli, Dewan Pangaping Paguyuban Pasundan, May. Jen TNI (Purn) Dr. H. Tb. Hasanuddin, SE, MM, Ketua Paguyuban Pasundan Kabupaten Sumedang Asep Kurnia, SH, MH jeung para tamu ondangan. (ts/forkowas)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *