TB. Hasanuddin : Pasualan Jatigede Rengse Taun 2020, Geus Dikomunikasikeun ka Pusat

SUMEDANG, TRIMEKAR – TB. Hasanuddin anggota DPR RI, luyu jeung prosedur nu aya, geus menta atawa meredih ka Kementerian Pekerjaan Umum dan Perumahan Rakyat (PUPR), sangkan buru-buru ngarengsekeun perkara – perkara anu aya patalina jeung pasualan sosial (dampak sosial), balukar diwanguna dam Jatigede.

“Slotna” geus dibuka tur geus dikomunikasikeun. Kikituna, luyu jeung hak para OTD, anggaran ganti rugi bakal turun dina taun 2020.

“Sim kuring geus menta ka Pusat, sangkan dina periode ieu, rupa – rupa pasualan boh perkara ganti rugi jeung perkara sejenna, anu mangrupa hak OTD anu balukar diwanguna Jatigede, bisa direngsekeun sagemlengna. Pusat geus nyatujuan.

Patali jeung hal eta, TB Hasanuddin ngaharepkeun sangkan anggota DPRD Sumedang di eta Dapil (Jatigede) gesat gesut nyusun Tim pikeun ngayakeun sawala jeung OTD.

“Lamun tos divalidasi tur nyatana bener, saterusna hak OTD bakal dibikeun sakumaha nu dijangjikeun ku pamarentah.

Ceuk TB. Hasanuddin keneh, kiwari geus aya kacindekan (putusan) pangadilan ngeunaan ganti rugi pikeun 431 urang warga OTD anu pangajina nepi ka Rp. 41,7 miliar. (ts/forkowas)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *