Tatang Sobana
Ku sabab geus ngarasa bagean tina kahirupan sapopoe urang Sunda, arang langka urang Sunda sorangan nu ngarasa panasaran hayang nyukcruk harti kecap “Sunda”.
Nurutkeun para ahli diantarana wae pamendak Drs. Ma’mun Atmamiharja(1951), kecap Sunda bisa dicukcruk tina sababaraha basa, nyaeta tina basa:
Kahiji tina basa Sangsekerta. Dina basa Sangsekerta, kecap Sunda asalna tina kecao “sund”, anu hartina caang atawa moncorong.
Lian ti eta ngandung harti ngaran Dewa Wisnu anu boga sarebu ngaran.
Masih dumasar kana basa Sangsekerta kecap Sunda asalna tina kecap Cuda, anu hartina bodas.
Kadua asal tina Basa Kawi. Lamun dina basa Kawi mah kecap Sunda teh hartina “cai”.
Ku sabab kitu, Tanah Sunda teh mangrupa wewengkon nu cur cor loba cai. Nepikeun ka loba ngaran tempat make kecap “ci” atawa cai.
Basa Kawi teh nyaeta basa anu meuntaskeun atawa nu jadi basa antara Sangsekerta kana basa Indonesia.
Kecap “Sunda” oge bisa ditilik tina basa Sunda. Dina basa Jawa mah kecap Sunda teh hartina numpuk atawa nyusun, ngarangkep atawa sora dirajek.
Tapi lamun dipake candra sangkala (pananggalan) kecap Sunda teh hartina “dua”.
Upama dicukcruk tina basa Sunda na sorangan, kecap Sunda teh tina kecap sa-unda asalna tina sa-tunda, asalna tina kecap “sa” anu hartina ngabogaan.
Tapi oge lian ti eta, harti kecap Sunda dina basa Sunda teh hartina “alus”, punjul, senang, nyenangkeun,nyugemakeun.
Aya deui pamanggih kecap Sunda asal tina Sundara, hartina tegep geulis, alus, punjul.
Masih dumasar kana harti nu dicokot tina basa Sunda, kecap Sunda teh ngandung harti “endah”.
Anu dipake ngaran sahiji istri Prabu Siliwangi, nu katelah Nyai Mantri Manik Mayang Sunda, anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptaan nu Endah.
Tina pedaran di luhur kecap Sunda teh loba pisan hartina.
Tapi pamendakna Kyai Haji Penguhulu Hasan Mustapa, ulama oge sastrawan, kecap Sunda teh ngandung harti sundek hade atawa sundel hade.
Cag ah ! ***