DPRD Sumedang, Saba Desa Munggaran di Sukawening Sumedang

TRIMEKAR – Dewan Perwakilan Rakyat Daerah (DPRD) Kabupaten Sumedang, poe Saptu pasosore, 18 Januari 2020, ngalaksanakeun kagiatan Saba Desa anu munggaran di Desa Sukawening, Kacamatan Ganeas.

Rombongan DPRD anu kacatet hadir dina eta kagiatan 34 urang teh ditarima ku Camat Ganeas, Iman Kardiman anu oge ditungkulan ku Kades Sukawening, Karman.

Program saba desa DPRD Kabupaten Sumedang baris lumangsung dua bulan sakali, ti mimiti Daerah Pemilihan (Dapil) Sumedang I nepi ka Dapil VI.

Kagiatan anu dihadiran ku masyarakat Desa Sukawening anu lolobana kaom ibu teh, lian ti pikeun ngawanohkeun kumna pingpinan jeung anggita DPRD mangsa gawe 2019 – 2024,oge dina raraga ngawangun komunikasi antara rayat jeung wakilna, malahmandar para anggota DPRD apal kana program jeung harepan masyarakat di saban Dapil.

“Ku tepangna sim kuring saparakanca ti DPRD sareng warga masyarakat di dieu, mudah mudahan kapayuna urang tiasa silih simbeuhan emutan (sharing) kanggo kamajuan pangwangunan di ieu daerah”, ceuk Wakil Ketua DPRD Sumedang, Titus Diah, sabada ngawanohkeun para wakil rayat nu ngajejer minuhan rohangan bale desa.

Rengse pagempungan, pikeun leuwih ngaraketkeun antara rayat jeung wakilna, kagiatan saba desa dipungkas ku maen bal di lapang Sukawening. (Tatang Sobana)***

Exit mobile version