Ngamumule Seni Budaya Sunda, Dewan Kebudayaan Sumedang Nga-Apresiasi Tarekah Radio Trimekar FM

TRIMEKAR – Dewan Kebudayaan Sumedang (DKS) ngarasa reueus tur nga-apresiasi pisan kana alpukah jeung tarekah Radio Trimekar FM Wado Sumedang.

Ti mimiti ngadeg taun 2013 nepi ka kiwari panceg dina pamadegan pikeun ngalanggengkeun oge mekarkeun seni budaya Sunda.

“Ku perantawisan media Radio Trimekar FM, anu program – program siaranana seueur ngajomantarakeun acara seni budaya Sunda, mangrupi tarekah luar biasa dina raraga mancegkeun Sumedang Puseur Budaya Sunda,” ceuk Tatang Sobana, Sekretaris Umum Dewan Kebudayaan Sumedang, basa anjangsono ka pupuhu tur rengrengan Radio Trimekar FM, Saptu kamari.

Ceuk Apih Tatang kitu sebutan sapopoena, ngamemule seni budaya Sunda dialam kasajagatan kiwari lain perkara hampang jeung gampang, tapi mangrupa pancen gawe anu luar biasa.

“Payus pisan saupami sim kuring kalayan asmana DKS reueus tur teu handap-handap pangajen ka Trimekar FM,” Apih Tatang nandeskeun bari nyebutkeun, inget ka Trimekar pasti inget kana siaran wayang golekna. (Opah Aziz )***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *