Kajuaraan Paralayang Dunia di Sumedang Bakal Rongkah

SUMEDANG, TRIMEKAR – Moal dua mingguan deui, ciplesna ti tanggal 22 nepi ka 28 Oktober 2019, Kabupaten Sumedang baris ngagelar Kagiatan olah raga anu rongkah, nu disebut West Java Paragliding World Championship and Culture Festival (WJPCCF) 2019.

Ieu Kagiatan baris lumangsung di tilu venue nyaeta di Kampung Toga, Desa Sukajaya, Kacamatan Sumedang Selatan, Puncak Samar Cisema Desa Pakuaalam, Kacamatan Darmaraja jeung Batu Dua Desa Linggajaya, Kacamatan Cisitu.

Katerangan ku kakoreh ku wartawan TRIMEKAR tina hasil rapat panitia sabaraha poe katukang, atlet paragliding anu baris milu tandang makalangan di Sumedang kacatet lruwih ti 160 urang ti 24 nagara.

Sakabeh atlet baris datang ka Sumedang bisa jadi ti mimiti 19 Oktober 2019, anu saterusna baris nginep di hotel-hotel nu aya di Kota Sumedang.

Ketua Umum Pelaksana WJPCCF 2019 anu oge Sekda Sumedang, Herman Suryatman, netelakeun yen event paragliding tingkat dunia ieu, lain ngan saukur Kagiatan olah raga tapi diharepkeun bisa jadi pamecut pikeun kamajuan pariwisata Sumedang mangsa nu bakal datang.

“Urang hijikeun karep jeung pamadegan, yen ieu teh mangrupa hiji event kelas dunia. Sangkan bangsa sejen bisa moncongok ka Sumedang tur ka ditu hayang daratang wisata ka Sumedang”, ceuk Herman dina saban aya pagempungan.

Pikeun ngabageakeun jeung ngareuah-reuah para atlet ti luar negeri, dina pembukaan baris dipintonkeun rupa rupa kasenian pinunjul Sumedang, kayaning 24 kuda renggong pikeun wawak ti 24 nagara, reak kreasi, pencasilat, pasukan karaton, 500 penari umbul, songah jeung marching band IPDN. (TS/forkowas)***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *